03 Juli 2008

Babakan Linux

sebuah cerita dari KUSNET

Kacaritakeun si Kabayan pindah imah. Imah si Kabayan anu mimiti, ayana di Bojong Windows. Ku sabab loba wae awaril jeung masalah, ahirna si Kabayah pindah ka Babakan Linux. Sok sanajan imahna di Bojong Windows teh genaheun, pemandangannana asri, sagala rupa fasilitas tersedia, tapi si Kabayan kaitung penghuni teu sah. Ngaran-ngaran penghuni teu sah tea atuh pikiraneun. Peuting teu ngeunah sare, beurang teu ngenah dahar. Sing sarwa sieun, sieun di razia kunu berwajib. Sanggeus lila nimbang-nimbang, ahirna si Kabayan mutuskeun rek pindah imah ka Babakan Linux.


Kaayaan di Babakan Linux, sabenerna hanteu saperti anu dibayangkeun ku si Kabayan. Salila ieu si Kabayan ngabayangkeun babakan linux teh masih keneh leuweung ganggong sima gonggong. Jalan ka dinya tarahal. Walurat hese ku cai. jsb. Lamun baheula mah memang kitu kaayaan babakan linux teh, tapi sanggeus loba anu nyicingan ngadon ngababakan didinya, nya kaayaan lembur babakan linux teh ngaronjat. Jalan mulus ngabulungbung, cai cur cor teu kakurangan. Leuweung anu tadina pi kasieuneun teh diatur dirapih-rapih sangkan ngeunah katingalina jeung teu ngabahayakeun teuing. Malahan mah ieu leuweung teh ayeuna mah sok dimangpaatkeun ku urang babakan linux, boh anu resep moro atawa nu ngala suluh.

Hal sejen anu jadi pertimbangan si Kabayan memeh pindah ka Babakan Linux teh nyaeta kaayaan imah. Sok sieun teu pikabetaheun. Ari geus di pindahan mah geuningan teu susah teusing. Ngaran-ngaran imah tangtu ngabogaan fungsi-fungsi dasar anu sarua, sanajan wanda jeung modelna tangtu beda-beda. Ngaran-ngaran imah pasti aya pantoan, aya tampian, aya enggon aya pawon.

Memang imah si Kabayan anu di Bojong Windows jeung di Babakan Linux teh beda. Tapi sanajan kitu, si Kabayan teu bingung nyicingan eta imah, ku sabab nya kitu tea ngaran-ngaran imah mah sarua ngabogaan bagian-bagian dasar anu sifatna universal.

Tidak ada komentar:

kotak pesan


Free chat widget @ ShoutMix

download...

hehehe fitur baru neehh...
judulketerangandownload
emulator PS2 (part1) lumayan buat maen ps2... klik disini
emulator PS2 (part2) pelengkap maen ps2... klik disini
option file PES2008 membuat game Pro Evolution Soccer 2008 lo lebih up to date... klik disini
option file PES6 membuat game Pro Evolution Soccer 6 lo lebih up to date... klik disini
Sikamaru's Wallpaper nambah-nambah koleksi wallpaper lo... klik disini